Yad, teu nyangka euy, opat taun pas jenat-na maneh, Helloween datang jeung ngagebrak panggung rock lemah cai urang. Hanjakal sih, nu jadi vokalis-na geus lain Michael Kiske. Padahal, baheula urang ngakhayal jeung maneh, mun Helloween jeung Kiske datang ka endonesia, kajeun ngajual kaset atawa calana urang bakal ngajugjug ka Jakarta. Eh, ayeuna maneh geus euweuh, eta Helloween-na datang. Bari baririhan ceurik, urang ningali Andi Deris, vokalis anyar Helloween mawakeun Keeper Of The Seven Keys. Beu, Yad, deudeuh teuing, eta lagu nu mindeng di-ulik ku barudak jeung maneh, pas erek ngiluan festival di Surabaya. Sanggeus ti Surabaya oge, Yad, Helloween mampir ka Jakarta. Nu muka-na grup nu dibobotohan ku urang-urang keneh : Sucker Head. Aya kana lima rebu nu lalajona oge. Masya Allah, inget keur ngora…ngan luncat jeung headbang weh urang harita. Aya ku lucu oge sih, meuni bari cukclak cipanon, inget ka ente. Oh enya Yad,…Helloween teh datang kadieu sanggeus manehna mereskeun World Tour-n...
catatan-catatan musik yang berserak dari Eddie Adriansyah (mantan jurnalis, pekerja film dan kreatif, bermukim di Inggris)